Hell Yeah Pointer 3

Wednesday 16 January 2019

sinopsis novel panganten deden abdul aziz

HIJI
SAKOLA. Iyang. Mun maot téh tong ayeuna-ayeuna. Engké
we lamun urang geus bener-bener teu walakaya. Geus linglung
ngurilingan Kebon Binatang. Léok deui, léok deui ka hareupeun
kandaug monyét lantaran poho jalan balik. Padahal lila kénéh
pisan ka pikun téh. Lima puluh taun deui meureun. Saratus taun
deui. Tapi lain ayeuna.
Manéh mah paéh téh mani teu pipi1ih.Asa1-asalan pisan.
Geus beuraug, euy! _
Kamari Si Ibu ménta duit kontrakan keur bulan hareup.
Padahal pan karék gé tanggal dua puluh, nya? Alesanana mah
butuh duit keur Si Aci, budakua anu rada boloho téa. Keur
meuli buku omongna mah. Wadul. Paliug gé keur meuli wedak
nu hambur balas sapoé tilu kali ditaplokkemx deui, ditaplokkeun
deui kana beungéulna nu rubak. Ah barina gé teu kudu dibayar
kontrakan bulan hareup mah, nya? Kapan manéhna gé moal
saré deui di dinya. Dina saréna gé, moal butuh bantal, kasur,
atawa guguling Cara sasari. Dina méga manéh mah saréna gé.
Bari saeutik-saeutik dikokosan méga téh da semu amis jeung
Seger geuning katcmpona.
Urang horéam mayar sorangau mah. Hayang udunan.
Tuh, abrulan bamdak kclas manéh datang nyampeurkeun (P/A/5/1/6) MML
uraug. Rék naon deui lamun lain rék ngabéjaan mah. Kateuteuari
ngabéjaan bulu tuur. Manéh mah keur ngajelepeng wé meureun,
di Cipauas, keur suka seuri jero haté ningalikem indLmg téré
manéh 1éwéh.Nyaho urang gé, Iain léwéh ku sedih-sedih teuing,
tapi lantaran Surat imahna dipaling ku manéh, dijieun boreh
nginjeum duit.
Hah! Dasar krimiual leutik!
Tuh panghareupna Si Dini, ceurik eurih-euriheun bari (P/A/6/1/8) MML
leumpang atok-atokan meuntasan lapang. Ningalikeun pisan
kaleungitanana téh Rumasa loba dosa meureun, nolak cinta
manéh dua kali. Da 'nu katilu kalina mah manéh kaburu minder
mantén, kapan. Di tukangeunana Si Sansan, Si Rudi, jeung Si
Toni. Nu tilu mah pauntuy-untuy bari tingharuleng. Di
tukangeimana deui Si Irvan tepi ka bongkok ngagandong Si
Hén.
Baturan urang, Yang.
Sigana urang dicehcer deui ieu mah. Hiji lawan genep.
Rin! Si Rudi ngagorowok. Tarangna nu lega téh hérang
kasebrot ku panonpoénu keur meujeuhna mentrang-mentring.
"Kaur naon?
Biasa Wé... moyan”
”Geus dahar acan?" (P/A/6/1/13) MML
Teu boga duit. Naon, rék neraktir?
Nu kakara nepi téh teu némbalan. Nyaho lah, karapokeun,
ngajajanan urang mah. Kapau basa ulang taun Si Sansan ogé
ransum urang duaan téh ampir béak dua ratus rébu. Inget kénéh
teu?
Iyang?
Manéh di ditu atawa di dieu?
Guk-gék dariuk méh ngurilingan awak.
”Keur naon?" Si lrvan ujug-ujug nanya, tara-tara li sasari.
Rarasaeun dianggap kénéh KM meureun ku nu séjén. Asa keur
pépédéngkréng maréntah. jadi ngamimitian nyokot inisiatip.
Pedut, ah!
Keur moyan cék urang ti tadi gé. Manéh teu ka ruang guru,
Van? Kapan biasana gé sok betah di ditu ari arék pemantapan
mah?"
Hayang wé... milu moyan."
"Mani ngabring, atuh, cekéng bari jebi. Mangpang-
meungpeung, Yang, da ari poé-poé biasa mah pimauaeun bisa
saceplakna bari teu dilayanan ku urat ranteng, bener teu?
“Ari manéh ku naon Hén, ungsrak-iligsreuk? Léhoan? (P/A/7/1/23) MML
Geuleuh, ah, kasép-kasép rujit.
Euweuh nu nembal disalindiran kitu téh. Ngadadak jadi saro-
léh poé ieu mah. Heuheuy deuh! Geura ngadon tingrarérét bari
silih kiceupan. Siga nu karasép jeung gareulis Waé. Nyaho urang
gé lah, tapi urang api-api tungkul moé punduk bari lelenggutan
we.
Keun siah!
Horéng bisa meunang urang gé, Yang, ari dékingna malakal
maot mah.
Ti kajauhan rentang-rentang Pa Asép. Ahhhh...
Engké deui wé teruskeim ngobrolna, nya, Yang? Urang rék
action heula.
Din, simgut engab deui. Rét ka Si Dini nu murungkut bari
nyekelan Ieungeun Si Sansan. Matana carindul. Ari kabogoh
manéh Si Gumilang mana? Sakola teu poé ieu Si Belegug téh?
Béjakeun ditungguan ku urang di dieu, kituh, jig!"
"Rin...  Rinrin, cénah pegat-pegat. "Kamu... kamu... jahat!
Gaur wéh.
Nu séjén kawas nu géhgéran. Lus-las ramo-ramo leunggeunna
nyusutan pipi jeung mata nu cipruk, ngahareruk kawas anu pupul
bayu. Cimata buaya rambay bareng jeung umel héjo cluk-clak
kana jukut.
Coba étah! Mun rék nyébor taneuh mah kapan alusna gé
tadi isuk-isuk.
Jol Pa Asép ka hareupeun. Iurungkunung urang nangtung.
Atuh jung deuih nu séjén gé milu narangtung tuluy arundur
saeutik bari angger léwéh semu réhé. Munapék!
Saudari Rinrin, Sora Pa Asép ngagoronggong. Siga lamun

About the Author

gyri21

Author & Editor

Has laoreet percipitur ad. Vide interesset in mei, no his legimus verterem. Et nostrum imperdiet appellantur usu, mnesarchum referrentur id vim.

0 comments:

Post a Comment


iklan

 

Copyright © gyri21. All rights reserved. Template by CB Blogger & Templateism.com